Bubuka:Inti Taohid Suci

Assalaamu ‘alaikum Warahmatullaahi wabarakatuh.

Muji syukur alhamdu lillah, rawuh ngahaturkeun nuhun pinten-pinten agungna ka Gusti Nu Maha Suci, jembarna ka Jungjunan urang Kang Jeng Nabi Muhammad SAW, sarehna ieu buku “INTI TAUHID SUCI” saparantos dikubur mang ratus taun lamina sarata dirimunan ku mangrupi-rupi babala katut kokotor, ku pangersa nu Maha Suci, tiasa medal deui.

Parantos kitu kersaning Nu Agung Maha Suci, dadak sakala anu ngarimunan teh bubar, puyar sapisan lir katebak ku angin topan, paburantak awut-awutan, nu ahirna musna sareng kokotorna kabantun angin; anu kantung mung ieu pisan buku “INTI TAUHID SUCI”, muncul negrak tanpa aling-aling, lungsur, lugay ti pangberokanana.  Elmu pangeran anu dikandung dina ieu buku, kersaning nu Maha Kawasa, muncul deui sanajan ditutup diparoekan deui oge.  Ku kituna sugrining nu nganut agama Islam awal ahir bakal kapendak sareng ieu perjalanan Gusti Allah du maha Suci.

Ku lahirna ieu buku “Inti Tauhid Suci”, tinangtos timbul rupi-rupi pamadegan atanapi reaksi anu mangrupi-rupi nyaeta:

1. Golongan anu parantos uninga atanapi nguping yen baheula parantos heubeul pisan, parantos aya pangaweruh ieu the.  Golongan ieu tangtos ngaraos heran sarehna ayeuna bet muncul deui.  Tinangtos aranjeuna karagungan manah asa-asa, samar-samar malahan nyangka anu sanes-sanes.

2. Golongan anu kapungkur kantos ngambah, sareng ngagem ieu perjalanan rawuh aya karaosna kana salirana.  Golongan ieu ngaraos sono tepang deui, malih jadi pangwuwuh kana kayakinana, nambih teguh kana panemuna, atuh langkung tigin kana ngamumulena, mulasarana didama-dama, margi kagungan rasa anu sampurna.

3. Golongan anu teu acan pisan nguping, ngartos upami ngagem ieu elmu pangeran.  Golongan ieu tinangtos ngaraos aneh, malah tiasa jadi nyebat elmu setan, atanapi elmu sihir sareng sanesna deui anu awon ka kupingna.

Wendoning kitu pamadegan anu kasebat dina nomer hiji sareng tilu, hentu matak jadi soal, da parantos kitu ilaharna, sanes ayeuna wae malahan ti kapungkurna pisan parantos dibuktikeun ku riwayatnya Kang Jeng Nabi Muhammad SAW, gening nalika Mantena ngawitan nyebarkeun agama Islam, disarangkana teh elmu setan, elmu sihir sareng nu sanesna.

Sajarah anjeuna mintonkeun karongkahan reaksi anu henteu nyatujuan dugi ka ngahurungkeun peperangan anu ngagenjongkeun dunya.  Fitnahan-fitnahan, baikotan-baikotan, hinaan-hinaan mah parantos teu kawilang tug dugi ka pupusna Kang Jeng Nabi Muhammad SAW oge masih seueur bae sesa-sesana, malih dugi ka ayeuna pisan seueur tur ta leubeut anu cangcaya ka Allah.  Tuh gening sakitu banggana nyebarkeun agama suci teh, sok komo deui ayeuna dina jaman pancaroba.

Ku kituna, dina perjalanan ieu oge moal tebih bentena tina riwayat Kang Jeng Nabi SAW.  Jadi henteu matak aneh, henteu matak galideur, moal gedag kaanginan moal unggut kalinduan, insya Allah disarengan ku taofiq sareng hidayah-Na, urang maju terus pantrang mundur.

Eusi ieu buku estu turun-tumurun saujratna, sawajarna ti karuhun urang sadayana henteu direka dipola atanapi diukir, tebih tina samista rineka basa.  Nu dipandang malar kahartosna sareng karaosna ku urang keneh.  Upami sagala hal anu dipedarkeun dina ieu bukudilenyepan, diuji, dicangreudkeun dina atu sanubari, teras prak dilaksanakeun sasampurna-sampurnana tina sadinten ka sadinten yakin jadi tuduh jalan pikeun bekel hirup  anu utama nungtun kana kamajuan salamet dunya aherat.

Ku kituna kedah atos-atos kana ieu buku, masing tiasa metakeun nana, poma ulah lepat atanapi nyeleweng ngalarapkeunana, sanes kanggo papaduan nyeueurkeun soal jawab, kantenan upami diartoskeun mah, sanes eta anu dimaksad, namung kanggo nulung kanu butuh nalang kanu susah, nyaangan kanu poekeun, masihan jalan kanu sasab disarengan ku rido, pasrah, ihlas, suci jeung bersih ati, apik, tartib ulah aral subaha.

Insya Allah, pamugi guru wujud dipaparin kakiatan, kesadaran, katenangan, kasehatan sanajan bari tunggara dina ngajalankeun tugasna anu bangga ieu, namung suci.

Mugi-mugi ieu buku “Inti Tauhid Suci”  jadi kamangpaatan dunya rawuh aherat kanggo masyarakat umumna sareng mugi Gusti Allah Nu Maha Suci maparin taopiq sareng hidayah-Na ka urang sadaya, kum para ihwan istri rawuh pameget, rohmat salamet lahir batin dunya aherat.

Tinggalkan sebuah Komentar

Eling Ka Pangeran

A. Eling Sajatining Eling

Poma urang sing areling ka Gusti nu Maha Suci, ka ALLAH anu nyatanya, gera nyaring gera eling, eling nu sajatina. Lamun urang sering eling ka Gusti Nu Maha Suci, komo beurang jeung peuting, unggal waktu ulah elat, ulah mung sakadar eling buktikeun ku IBADAH, gunakeun SOLAT nu enya.  Enggoning SOLAT SEMBAHYANG: masing tertib sarta ati-ati, urang kudu ngarasa isin, sieun ku Gusti Nu Maha Suci, ulah gagabah pikiran kamana bae yakin, Solat anu sarupa kitu moal tepi. Upama urang geus nyata nyumponan padoman Solat, Gusti Allah moal jalir tina jangjina anu pasti, bakal diriksa salamina sarta bakal dikabul sakumaha maksud urang. Pikiran urang sing gembleng buleud pisan, ulah ka sisi ka gigir, sing ajeg ka Gusti Allah. Masing yakin yen teu aya pangeran DUA anu wajib disembah ku urang, anging Gusti Allah anu TUNGGAL, sarta masing percaya yen Nabi MUHAMAD SAW jungjungan urang, UTUSAN ALLAH.

Poma ulah salah nyembah, komo ka kayu ka batu mah atawa kapajaratan, Gusti ALLAH henteu widi, nu sarupa kita akibatna bakal ingkar ti ALLAH, bakal jauh ti Rosulna mana urang sing waspada, kahade bilih salah nyembah.

Lamun urang nganut AGAMA ISLAM, atuh salah sesembahan Sembaheun urang Islamah teu aya deui ngan ALLAH ANU TUNGGAL. Hal ieu teu kudu yakin pisan, ulang beunang dibobodo; nyembah kanu lain-lain. Lakonan Solat ani lima waktu anu enya anu nyata, bari nekadkeun hayang tobat ku sabab rumasa loba dosa, dosa teu karasa, dosa nukarasa.

Upama urang gues nyumpon, geus beres sembahyang, gera sungkeum ka Gusti Allah naon sagala kahayang urang, asal menta nu enya-enya bari ceurik dina ati, ulah beunang dihililan ulah cangcaya dibarungan kusabar jeung tawekal. Kita carana menta ka Allah mah, kudu teguh kudu pageuh.

Sapanjang acan dikabul mah paneja urang, terus suhunkeun ulah bosenan.

Poma sing ati-ati dina ieu perjalanan, ulah dilalaworakeun, gogodana lain lumayan, katarembong bungkeuleukan nyata pisan.

Gogoda anu tumiba kaurang timbulna tina rupa-rupa jalana, nyaeta sangkan urang teu tahan, ieu nu disebut perang sabil teh, lain perang silih kadek, tapi pikiran urang, mana urang kudu kuat. Insya ALLAH lamun urang kuat, moal salah deui bakal jadi jalma anu unggul, hirupna moal cilaka sarta mulya salilana, sagala bakal dikabul diijabah panedana.

Gusti Allah tara jalir, sing saha jalma anu temen tinemenan, enya-enya tobatna sarta mentana, langusng ka Allah, mangka yakin awal ahir diijabah pamaksadanana.

Enggoning hirup di dunya kudu apik ati-ati ulah sagala dirarung, sing nyaho kana barang haram nu didahar, nu pake kahade masing ati-ati, ulah rek sakama-kama, gera pilih masing apik, teangan barang nu halal.

Lamun urang hayang caang, lamun urang ngaku Islam, sagala sampurna, sing akur jeung agamana piara rasa adil palamarta jeung ulah rek boga rasa mokaha, boga rasa ngan sorangan, lamun urang tambarakan, teu nyaho kana barang haram, mangka eta barang moal mangfaat, awal ahir bakal leungit sarta moekan kana perjalanan, teu nyaho jalan mulang.

Kusabab kitu poma sing ati-ati, pokona anu didahar, lamun urang tambarakan, teu nyaho kana barang haram, engke diahir bakal aya balitungan.

Tinggalkan sebuah Komentar

Salam Kawilujengan

WILUJENG SUMPING di ruang pribados, mugi teu janten bendu…

1 Komentar

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.